Dina
kira-kira taun 1890an, aya hiji lelewek
anu kaayaannana masih keneh mangrupa leuweung. Lelewek eta ngaranna Curugtelu. Ceunah mah ngaran
Curugtelu dijieun ku urang Jawa tengah anu kungsi nyicingan lelewek eta.
Ieu jalma mere ngaran Curugtelu luyu
jeung kaayaan tilu curug di wahangan Cipalu. Mun ditempo ti pasir anu
pangluhurna bakal katempo tilu curug jero anu endah kacida. Ti saprak harita
katelah, lelewek eta ngaranna Curugtelu.
Jaman
harita, anu nyicingan lembur curugtelu masih keneh can loba. Malah mah imah anu
aya masih keneh cul-cel, dina harti encan loba. Aya hiji jalma anu katelahna Lurah
Jayadi, manehna mangrupa jalma anu kawilang dipikaserab ku jalma sejen,
kulantaran tindak-tandukna hade ka sasama, pamikirna asok merhatikeun pikeun kamajuan
balarea.
Dina
waktu harita, pangwangunan oge masih keneh katinggaleun ti wewengkon sejenna. Salah
sahijina dina widang pertanian, masih keneh hese ku cai, kulantaran sumber
caina nganelkeun tina cai nyusu, sedengkeun cai nyusu mah aya, saupama turun
hujan jeung loba tatangkalan.
Dina
hiji waktu Lurah Jayadi mikir, kumaha
carana pikeun ngalancarkeun cai kana sawah, balong, jeung lian-lianna deui. Dasar
jalma anu rada hade pamikir, bray wae aya ideu anu hade, nyaeta arek nyieun
susukan anu caina ti wahangan Cipalu. Ngan dina jero hatena
ngagerentas”Ke..ke..ke! Aing ngagunakeun naon yeuh keur ngagali taneuhna?” kitu
ceunah. Ngan waktu harita manehna mikir bari leumpang nuju ka hiji tempat anu
teu pati jauh ti imahna. Barang anjog ka sisi wahangan anu aya curug, maneha
turun, tuluy asup ka jero guha leutik. Eta curug teh disebutna Curug centil,
meureunan ngaran eta teh luyu jeung kaayaan batuleutik anu nyelap diantara dua batu gede. Teuing
naon anu dilakukeun di jero guha, ngan teu lila manehna kaluar deui bari
leumpang nuju ka jero leuweung.
Saanjogna
ka jero leuweung, manehna ngalugas bedog pikeun mates tangkal anu ngaranna Bingbin anu
ukurannana sagede pigeulangan leungeun. Sanggeus beres, tuluy ngagedig deui
nuju wahangan Cipalu. Satepina ka sisi wahangan, manehna kunyam-kunyem
babacaan, teuing naon anu dibacana, nu katangen leungeunna ngaheumbatkeun
tangkal Bingbin kana batu anu aya di dinya. Geduk! brah beulah, Geduk! brah
beulah, kitu jeung kitu nepi ka poe harita mah meunang 2 meter mah.
Poe
isukna, Lurah Jayadi nuluykeun pagawean pikeun ngawujudkeun susukan tea. Geduk
deui manehna ngagali taneuh jeung batu ngagunakeun pakakas tangkal Bingbin bari
teu loba omong, Ikhlas pisan baranggawena.
Dina pikirna, masing kudu ngorbankeun jiwa, moal munur sasiku ngejat satunjang
beas pikeun ngawujudkeun cita-citana nyaeta nyieun susukan pikeun nyumponan
kabutuh jalma-jalma anu aya di lelewek Curugtelu, Cimasri, jeung Cibalieur.
Kira-kira
meakeun waktu sataun, ngawujud we susukan atawa irigasi pikeun kamanfaatan
tatanenna masyarakat sabudeureun. Loba sawah, balong jeung anu lianna anu
ngagunakeun susukan beunang nyieun Lurah Jayadi pikeun kamakmuran rahayat anu
aya di sabudeureunnana.
Tah, sakitu
sajarah ngawujudna hiji susukan anu aya di kp. Curugtelu, nepi kaayeuna pisan
karasa manfaatna ku masyarakat anu hirup di wewengkon eta. Sababaraha lelewek
mah tepi ku ngalirna cai meunang nyieun Lurah Jayadi, kayaning Kp. Cimasri,
Cibalieur, katut lembur sejenna.
Pikeun
masyarakat anu heunteu poho kana sajarah ma,
asok rajeun datang ka tempat anu aya Tugu ciri dijieunna Susukan. Tugu
ieu ayana di Kp. Pencut, kaayaan ukurannana mah leutik, tapi bisa dijadikeun
bukti pikeun mere sumanget ka masyarakat ngawujudkeun hiji hal gede anu manfaat
pikeun balarea.
Karya : Dadang Suparman, S. Pd.
Relawan Pustaka Culamega/ Guru SDN Curugtelu
0 komentar:
Posting Komentar